
Jejer Buku : Awewe Dulang Tinande, Kumpulan Carita Pondok Tjaraka Kenging : Tjaraka Panyetak : Giri mukti pasaka Taun Cetak : 1997 Kandel Buku : 201 |
|
Di jaman baheula kacaritakeun aya hiji jalma nu sok disebut Emang, camat anyar nu kawentar beunghar tur kasep na, lulusan ti OSVIA (Opleiding School Voor Inlands) nu sok di sebut sakola menak. Di kacamatan nu di camatan ku Emang teh aya saluwuk kampung nu didumukan ku urang arab. Di kampung ieu aya hiji pasang awewe jeung lalaki nu di angken aneh, kusabab nu lalakina kolot, jeung goreng tapi pamajikanna mah kacida geulis,bageur, tur someah. Loba nu hayangeun, ka eta awewe turunan arab, nu ngarana Syarifah.
Hiji wanci Emang datang ka padumukan Habib, caroge Syarifah, maksud na mah si Emang teh hayang ngabuktikeun yen Habib teh boga pamajikan nu kacida geulisna. Sabarang datang ka padumukan Habib, kaleresan panto eta di bukana ku Syarifah, tuluy Emang teh bogoh ka eta awewe turunan arab.
Bulan puasa di kacamatan Emang katarajang katiga banget, solokan ngoletrak sumur-sumur rea nu saat. Emang nu apal lamun sumur di padumukan Habib mah teu saat, nganiatan bade ka padumukan Habib kangge nyuhunkeun cai, tapi kaleresan Habib nuju angkat ka luar kota, kasempetan ieu dipake ku Emang pikeun nanyakeun ka Syarifan yen kunaon manehna daek jadi pamajikan Habib nu geus kolot tur gempor. Syarifah ngajawab “ Adat urang arab mah Bendara istri teh sapamasihan sareng teu tiasa nolak kumaha Bapak pi salakieun teh teu kedah terang siga kumaha. Terang terang tos dienggon. Sanajan parantos gempor ge Abdi satia kanu jadi salaki.”
Awewe Dulang tinande mangrupa salasa hiji carita pondok nu aya dina kumpulan carita Awewe Dulang Tinande, kenging TJARAKA. Tjaraka sok ngumumkeun seratan-seratanna di majalah mangle. Salian nu mangrupa carita pondok, Anjeuna oge seuer nyeratkeun pangalaman-pangalamanna nalika singkil merjuangkeun kamerdekaan bangsa.
Dina carita – carita pondokna Tjaraka leuwih rea ngagambarkeun kaayaan sosial uarng Sunda. Imajinasina geus ngahirupkeun gambaran realitas anu kungsi kasampak dina kahirupan urang sosial sunda, kukituna carita-carita Tjaraka lain wungkul rekaan anu ngan dumasar kana fantasi anu diumbar pikeun ngabeberah hate bae. Basa sunda nu di gunakeun Tjaraka oge luyu pisan jeung kaayaan kahirupan sosial anu di gambarkeun nana.
Dina buku ieu aya sababaraha judul carita anu tiasa di jadikeun pangajaran keur kahirupan uarng sadaya, contona Haturan Agan Nunung Rajainten, Astagfirullah’al adlim, Juragan Kawasa, jeung sajabana.
0 comments:
Post a Comment